Bismillahirrahmanirrahim
Assalamualaikum wr.wb
Ibu guru anu kusimkuring dipihormat, oge rerencangan sadaya nu dimulyakeun
ku Allah SWT. Langkung tipayun mangga urang sanggakeun puji syukur ka Allah SWT
anu parantos maparin waktos ka urang sadayana dugi ka tiasa patepung lawung,
paamprok jonghok dina ieu acara. Teu hilap mugia solawat sinareng salam urang
sanggakeun ka jungjungan urang Nabi Muhammad SAW. Hatur nuhun ka sadayana
kanggo waktos anu tos dipasihkeun ka simkuring.
Hadirin anu salinggih.
Dina ieu waktos, simkuring bade ngadugikeun biantara ngeunaan kagiatan
pikeun ngeusi kamerdekaan. Janten urang sadaya kedah ngeusi kamerdekaan ku
kagiatan nu mangpaat pikeun mikahormat
jasa pahlawan jaman baheula.
Sasih kamari, tepatna kaping 17 Agustus. Bangsa urang mieling kamerdekaan.
Tos 68 taun bangsa urang bebas ti para penjajah, alatan perjoangan para
pahlawan. Tah, pikeun mikahormat sarta ngahargaan jasa pahlawan, urang salaku
murid kudu ngeusi kamerdekaan ku diajar sing getol.
Reremcangan sadaya.
Lianti diajar sing getol, orang oge kedah ningkatkeun prestasi urang
sadaya. Sukur-sukur urang tiasa nyeungitkeun ngaran bangsa. Kukituna, hayu
urang babarengan diajar sareng ningkatkeun prestasi urang sadaya ngarah janten
jalmi nu sukses!
Para wargi nu mulya.
Cekap sakitu simkuring nyanggakeun pihatur. Hatur nuhun kana perhatosan ti
ibu sareng rerencangan sadaya. Bilih aya kecap anu kirang merenah larapna, mugi
tiasa ngahapunten.
Wassalamualikum wr.wb
Terima kasih :D sangat membantuu~
ReplyDelete